FREE Blogger Templates

Jumat, 18 Juni 2010

contoh cerita Babad



CADAS PANGÊRAN


Ti jaman baheula kěněh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.
Nampi parěntah ti Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang.
Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.
Kocap hiji poě Kanjeng Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.
Kana kabiasaan haok porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.
Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.
Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Ningali kalakuan Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna.
Pikeun němbongkeun eusi manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna. Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun.
Nyaksian kajadian kitu, kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad.
Něnjo kalakuan Pangěran Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin.
Bisa jadi lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, "Rěgen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca ?"
Rěgen těh sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran, "Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna," bari nyejekkeun sampěan kana cadas. "Ngahaja sim kuring němbongkeun kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan."
Panjang lebar Kangjeng Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh, lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas.
Salila nungguan tentara zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan.
Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran. Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl.


kahar = dělman tandu = gotongan korsi
hara-haraeun = jauh ka ditu ka dieu taběatna = sipatna, kalakuanana
haok porongos = ambek kabiasaanana
merengut = baeud taki-taki = siap-siap
gimir = sieun cunduk = datang
samistina = sakuduna, kumaha pantesna nedunan = ngalaksanakeun,
digilirkeun = digěsěrkeun, dipindahkeun yumponan
peta = kalakuan wawaněn = kawani
dikakaya = disangsara mamaras = hatě
mungpang = nolak temen = daria, enya-enya
tengen = katuhu pangěling-ngěling = nginget-nginget

2 komentar:

  1. terima kasih.. postingannya sangat berguna untuk tugas bahasa sunda saya :) kunjungi blog saya juga ya penggemarkorea.blogspot.com

    BalasHapus
  2. Makasih banyak.. izin copas buat tugas .. mkasih kakak ^_^

    BalasHapus